Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Sabtu, 13 Juli 2013

Paribasa Sunda (Bagian Kahiji)

A

Agul ku payung butut, tumerap ka jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula.

Alak-alak cumampaka, niru-niru atawa mapadani saluhureun.

Anjing ngagogogan kalong, mikahayang nu pamohalan.

Anjing nyampeurkeun paneunggeul, nyampeurkeun nu rek mahala.

Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan, anu gedebul diaminan supaya tambah maceuh.

C

Cai di hilir mah kumaha ti girangna, rayat leutik sok nyonto kalakuan nu ngaheuyeukna.

D

Diangeun careuhkeun, diantep henteu didahar.

H

Herang caina beunang laukna, hasil maksud teu karana matak nyeri kana hate batur atawa teu karana nimbulkeun pecekcokan.

Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang, asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.

Hurung nangtung siang leumpang, hirup mewah, nembongkeun kabeungharan dina tingkah laku sapopoe.

K

Kawas cai dina daun taleus (bolang), euweuh tapakna (nasehat, papatah).

Kawas anjing tutung buntut, berebet ka ditu, berebet ka dieu, kawas nu samar rasa.

L

Landung kandungan laer aisan, gede timbangan.

M

Manuk hiber ku jangjangna, jelema hirup ku akalna.

Mihape hayam ka heulang, teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol goreng adat (upamana bangsat).

Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprek moal nyapek, lamun teu usaha atawa teu digawe moal boga dahareun.

N

Neukteuk mere anggeus, mutuskeun hubungan.

Ngadu-ngadu raja wisuna, ngahudang amarah dua jelema sina bengkah.

Nulungan anjing kadempet, nu asih dipulang sengit.

T

Teu gugur teu angin, teu puguh alesanana.

Totopong heureut dibeber kalah soek, rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.

Tidak ada komentar: