Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Sabtu, 13 Juli 2013

Ka Cai Jadi Saleuwi, Ka Darat Jadi Salebak

B

Beunteur, lauk leutik nu sok kapanggih di susukan atawa di sawah, kira-kira sagede cinggir.

K

Kabadi, kasambet, cilaka (gering) perbawa lelembut nu kagadabah; kasibat, gering ngadadak disangka lantaran panggawe lelembut.

Kuncen, atawa pakuncen, purah tunggu kuburan karamat jsb. nu nyekel konci lawang, sarta purah ngajajapkeun anu jarah ka dinya.

L

Leuwi, kedung (basa Jawa), bagian walungan anu jero, sarta biasana rada lega (rubak); leuwi larangan, 1. leuwi paranti mupuh (munday) menak baheula, teu meunang diala laukna ku umum; 2. leuwi nu sanggeus aya pamarentah otonom (propinsi) aya katangtuan ngala laukna nurutkeun peraturan, upama bae ngan diwenangkeun make heurap carang (ukuran tilu ramo atawa jalah makan). ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak, paribasa, layeut, runtut-raut, silihayunkeun; mangpengkeun atawa ngalungkeun kuya ka leuwi, paribasa, nempatkeun jelema (pagawe) di atawa mindahkeun ka lembur na sorangan.

P

Parak, marak, nyaatkeun sabagian tina solokan atawa walungan, supaya beunang laukna; diparak, 1. disaatan (walungan), sarta diala laukna; 2. harti injeuman teu disuguhan cai-cai acan (semah): Di nu kariaan biasana ondangan teh nepi ka rengse upacara jeung nu pidato mah diparak bae! parakan, tempat di walungan nu diparak (Loba tempat nu make parakan, saperti Parakanmuncang, Parakansalak, Parakanhonje, Parakanpanjang, jste.)

S

Saung, adegan leutik sarta lumayan siga imah, di sawah atawa di kebon paranti reureuh jste.; nyaungan, ngiuhan ku sarup, saung; nyaung-nyaung, cicing (matuh) sawatara lilana di saung atawa dina poporogok (nu ngungsi upamana); Saung-genjot, ngaran opat bentang, sok disebut Bentang Langlayang.

Tidak ada komentar: