Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Sabtu, 04 September 2010

Wilujeng Boboran Siam, Neda Hapunten tina Kalelepatan...!

A

Aras, ngaras, munjungan ka saluhureun; ngaras teku, ngaras sampean, munjungan ku jalan ngarangkul suku.

B

Bobor, 1. lemesna tina buka puasa,; boboran, lemesna tina lebaran (Sawal jeung Rayagung); 2. bedah (bendungan); bobor karahayuan, kecap-kecapan katarajang apes, cilaka atawa meunang kasusah.

D

Dulag, ngadulag, nabeuh bedug dilagukeun pikeun tanda kudu mimiti puasa, bubar taraweh, waktu sahur, bubar salat Ied, jste.

H

Hampura, lemesna hapunten atawa hampunten, ngahampura, ngalubarkeun kasalahan atawa dosa batur, mere ampun.

I

Itikaf, (Arab) ngasingkeun diri tina kariweuhan hirup sapopoe, biasana cicing di masigit bari terus eling ka Pangeran.

J

Jakat (Arab), rukun Islam nu kaopat, kawajiban ngaluarkeun sabagian tina harta banda anu geus ditangtukeun ukuranana pikeun pakir miskin jste. anu boga hak narima, jurutulis jakat, tukang nuliskeun jakat.

K

Kupat, ngaran kadaharan tina beas atawa cere sabangsa leupeut, ngan dikulubna make urung tina daun kalapa nu dianyamkeun.

L

Langgar, 1. tajug, tempat salat jeung diajar ngaji Kur'an, masjid leutik, 2. ngalanggar, ngarempak, teu ngestokeun kana aturan atawa undang-undang: Nu ngalanggar undang-undang bisa dihukum panjara.

Layu, 1. alum, geus henteu seger lantaran kakurangan cai (dangdaunan, kekembangan); lalayu sekar, (papakean), antara weuteuh jeung buruk, pantes keneh dipake ka jalan; 2. alum (jelema), pias teu cahayaan, biasana nu geus deukeut kana ajalna; layuan, layon, lemes tina mayit, turub layuan, ngaran caturangga (= watek kuda) nu kurang hade.

Lepat, 1. lemes tina luput atawa salah; kalepatan, kalelepatan, kasalahan, dosa, kaluputan; 2. lemes tina poho.

M

Masigit, masjid, adegan gede paranti salat, bandingkeun tajug, langgar.

O

Opor, ngaran pasakan tina daging (hayam, meri, jeung saterusna) nu make cipati jeung rupa-rupa bungbu; opor guluntungan, opor hayam atawa meri anu teu diracah heula.

P

Pun, 1. hampura: Pun sapun ka Sang Rumuhun, kalimah pangrajah jurupantun, nu maksudna menta hampura ka karuhun, bisi aya kasalahan; punten atawa panganpunten, lemes tina maap (Arab), hampura, diucapkeun upama rek ngaliwat ka hareupeun batur atawa rek asup ka imah batur; ampun, tobat, menta hampura; paralun (= pun make rarangken tengah ar jeung al), hampura, ampun, diucapkeun upama teu dihaja ngalengkahan Qur'an jste.; 2. kecap-gaganti nu bogana istimewa nu diteundeun di hareup: pun biang, indung abdi; pun bojo, lemes tina pamajikan kuring; dina pun Ahmad, pun Ali jste. kecap pun sok dipake upama urang nyaritakeun jalma nu sahandapeun urang ka saluhureun; 3. wadah obat bedil.

S

Sekar, 1. (Kawi), kembang; nyekar, ngembang, jarah ka kuburan bari ngawurkeun kembang atawa rampe kana kuburan nu dijarahan; lalayu sekar, ilikan layu; 2. (Jawa), pupuh: Sekar Magatru, pupuh Magatru; lurahsekar, pamingpin gamelan nu dikawihan ku jurusinden; 3. calacah, lebu roko: wadah sekar, asbak (Walanda), tempat miceun calacah.

Sungkem, nyungkem, nyium tuur atawa nyium suku jelema anu dihormat.

T

Tajug, langgar, masjid leutik di kampung, lain masjid jami.

Takbir (Arab), ngucapkeun "Allohu Akbar" kalawan bedas; malem takbir atawa malem takbiran, malem lebaran Sawal jeung lebaran Rayagung (di masjid-masjid sok loba jelema anu takbir ti bada isa nepi ka subuh); takbiratulihram, ngucapkeun takbir bari ngajungjungkeun leungeun duanana nepi ka handapeun ceuli, sarta niat salat dina hate.

W

Wilujeng, lemes tina waluya, salamet; ngawilujengkeun, ngucapkeun wilujeng, ngadoakeun salamet.

Senin, 16 Agustus 2010

Puasa di Pasundan

B

Bedug, sabangsa dogdog gede di masigit anu sok ditakol unggal waktu salat; ngabedug, buburuh nepi ka wanci lohor; Jauh ka bedug (babasan), dusun; ngomong sabedug sakali (babasan), arang ngomong.

Burit, waktu dina rek beakna beurang, wanci sariak layung atawa wanci magrib; ngabuburit, ngalantung ngadagoan burit, biasana pasosore bulan Puasa, ari datang deui ka imah geus waktu buka; 2. buritan (Malayu) bagian tukang tina parahu, kapal, jsb.

C

Caruluk, buah kawung, geutah cangkangkna matak ateul, sikina (=cangkaleng) ngeunah didahar.

I

Imsak (Arab), saat tutupna waktu sahur, memeh manjing wanci subuh.

K

Kamangkaran, kamerekaan, seubeuh teuing dahar nepi ka nimbulkeun kasakit.

Kokoro, miskin pisan, kekere; kokoro nyenang, babasan nu kakara beunta (boga), make atawa ngalarapkeun barang lain dina perenahna; kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam, babasan kacida malaratna; kokoro manggih Mulud, puasa manggih lebaran, babasan kokomoan dina waktu aya rejeki.

Kolek, ngaran amis-amis tina cau, taleus, waluh gede jste, nu digodog make gula jeung cipati sakadar nepi ka hipu (asak).

Koprek, ngoprek, 1. daekan, sagala dipigawe; Moal nyapek mun teu ngoprek, babasan sareatna moal barangdahar (moal meunang rejeki) mun teu usaha; 2. bangor (budak), sagala dicabak, sagala dipake ulin.

L

Lebar, 1. matak handeueul lantaran teu kaarah gunana: Kacida lebarna ku sawah nu kacaahan, parena kakubur ku leutak; dilelebar, dimomorekeun, digagabahkeun, teu diarah gunana: Jeung dilelebar kitu mah kadaharan teh, mending dibikeun ka nu miskin; 2. lubar, bebas: Lebaran Puasa, Lebaran Rayagung, lubar tina puasa bulan Ramadhan jeung bulan Rayagung (nu munggah haji dina Lebaran Rayagung lubar tina ihram).

N

Ngopek, ngoprek, ilikan koprek: Mun teu ngopek, moal nyapek, paribasa, sarua jeung: Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu daek usaha, moal boga dahareun (rejeki).

P

Puasa (Sanskrit), lemesna saum, ngahaja (sarta make niat heula) nunda dahar leueut ti waktu pajar nepi ka magrib jeung nahan rupa-rupa perkara anu matak ngabatalkeunana; bulan Puasa, lemesna sasih Siam, bulan Ramdan atawa Ramdon, bulan ka-9 taun Hijrah; puasa wajib, puasa salila bulan Ramdan; Puasa manggih Lebaran, kecap-kecapan kokoro manggih Mulud, ilikan kokoro.

S

Sahur atawa saur, dahar janari (memeh manjing salat subuh) lantaran rek puasa, hususna salila bulan Puasa.

Pangandaran, Batu Hiu, Batu Karas





Kamis, 25 Februari 2010