Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Jumat, 07 Agustus 2020

Paribasa Sunda (Bagian Kaopat)

N

Nete taraje nincak hambalan, tartib, mapay ti pajabat nu handap ka nu leuwih luhur (dina ngasongkeun panuhun jste.)

Ngadek sacekna nilas saplasna, nyarita satarabasna tara direka.

Ngadu angklung, parebut omong hayang pa-unggul-unggul.

Ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan, moal kaalaman, mustahil kajadian.

Ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam, mere maweh ka deungeun-deungeun ari ka baraya joledar.

Ngeunah angen, ngeunah angeun, pamajikan satia, ngeunah pasakanana, cukup dahareun tur taya kasusah.

Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri, bereset, elehan.

Ngeupeul ngahuapan maneh, nyarita saperti nu mere nasehat kalawan maksud supaya manehna sorangan nu meunang untung.

Nginjeum sirit ka nu kawin, nginjeum barang nu keur dipake ku nu bogana.

Ngudag-ngudag kalangkang heulang, ngaharep perkara nu samar bisa kalaksanakeun.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan, nu keur susah dipupuas, atawa ditambah kasusahanana.

Nu ha’at dipulang moha, nu asih dipulang sengit, nu nyieun kahadean dibales ku kagorengan.

Nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku genteng belokeun, masrahkeun diri lantaran rumasa salah.

Nyieun pucuk ti girang, nyieun jalan pipaseaeun.

P

Pelengkung bekas nyalahan, mimitina alus tapi saterusna goreng (kalakuan).

Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak, hayang nu leuwih alus, kalah meunang nu goreng atawa nu sok pipilih teuing ahirna kapaksa kudu narima nu leuwih goreng manan nu ditampik.

S

Sa-herang-herangna cibeas, sabersih-bersihna hate nu dinyenyeri, moal bersih pisan.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo, rupa-rupa perkara nu boga daya tarik kana hate.

Sereg di panto logor di liang jarum, teu bisa campur di kalangan jalma-jalma hade lantaran loba dosa (jahat).

Sieun keplok jadi (tuluy) bahe atawa tamplok, sieun rugi saeutik, tapi ahirna ngegel curuk.

T

Tangkal kai teu kalis ku angin, unggal jelema kudu bae nyorang boga kasusah.

Titirah ngadon kanceuh, neangan kasenangan tapi kalah meunang kasusah.

Tunggul dirarud, catang dirumpak, ngalajur napsu, taya nu dihiding.

Tidak ada komentar: