Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Kamis, 06 Agustus 2020

Paribasa Sunda (Bagian Katilu)

B

Balung kulit kotok meuting, kanyenyerian atawa kanyeri heubeul teu leungit-leungit.

Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai, susah hirup di nagara nu lubak-libuk sagala aya, lantaran ekonomina geus dicekel ku deungeun-deungeun.

C

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok, upama dileukeunan bari junun, sagala rupa nu hese oge bakal bisa.

D

Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot, teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.

G

Goong saba karia, nu datang sorangan ka nu kariaan, teu karana diondang atawa dicorok gawe, malar katitah ngarah milu seubeuh (barang dahar).

K

Kabeureuyan mah lain (tara) ku tulang munding tapi ku cucuk peda, biasana kacilakaan teh dilantarankeun ku perkara leutik anu henteu diperhatikeun.

Kacang poho ka lanjaran, poho ka asal wiwitan, pindah pileumpangan (jalma leutik nu kabeneran bisa meunang kadudukan nu penting).

Kajeun kendor (asal) ngagembol ti batan gancang pincang, kajeun pagawean teu gancang anggeus tapi hade, ti batan dirurusuh sarta goreng.

Kalapa bijil ti cungap, ngomongkeun rasiah sorangan.

Kandel kulit beungeut, kurang atawa taya kaera.

Kawas kuda leupas ti gedogan, ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalang-halang.

Kawas pantun teu jeung kacapi, bisa mapatahan wungkul teu bari nyontoan.

Kebo mulih pakandangan, balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang, lauk buluk milu mijah, puritan milu endogan, pipilueun nyarita (diomongkeun ka nu lain layakna).

Kukuk sumpung dilawanan dada leway, sarua gorengna, nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan gelo.

L

Leuleus kejo poena, mimitina bengis tapi beuki bageur (dunungna atawa guru).

Lodong kosong ngelentrung, pamoyok ka jalma nu taya kanyaho, tapi loba omong tanpa eusi.

M

Mindingan beungeut ku saweuy, api-api teu nenjo kasalahan bawahan atawa rayat lantaran teu mampuh ngayakeun tindakan saperluna.

Mobok manggih gorowong, kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu ker dipaju.

Moro julang ngaleupaskeun peusing, ngalesotkeun barang nu geus kapimilik, lantaran kabita ku nu leuwih gede, padahal can tangtu hasil.

Mun kiruh ti girang komo ka hilirna, upama nu kasebut jadi pamingpin lampahna kurang hade, komo anu dipingpinna (rahayat).

Tidak ada komentar: