Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Minggu, 03 Agustus 2008

Tong Hilap ka Basa Sunda!

D

Dirgahayu, muga-muga panjang-punjung, muga-muga panjang umur.

J

Joledar, lalawora nyumponan kawajiban ka nu jadi tanggunganana jeung teu heman ka baraya.

K

Kamonesan, 1. pangabisa anu lucu, alus atawa aneh: Budak teh geus aya kamonesanana, bisa ngigel; 2. kasenian.

Kawung, ngaran sarupa palem nu rea gunana: lahangna, injukna, daunna, buahna, ruyungna, jeung sajaba ti eta; kawung ece atawa kawung picis, ngaran batikan tulisanana siga siki kawung atawa caruluk.

L

Lahang, tuak amis tina leungeun kawung, kalapa jeung sabangsa palem lianna, sok diinum, dijieun gula jeung sajaba ti eta.

P

Pincuk, bungkusan leutik tina daun cau anu diseumat: suuk sapincuk, sabungkus leutik.

T

Tong, 1. wancahan tina entong atawa montong; 2. (Walanda), tahang; 3. (Cina), sabagian tina duit pungutan nu meunang ngadu keur nu boga imah (nyadiakeun tempat).

Tidak ada komentar: