Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Kamis, 30 Juli 2020

Paribasa Sunda (Bagian Kadua)


A

Adam lali tapel, poho ka baraya.

Adean ku kuda beureum, ginding ku barang beunang nginjeum.

Ayakan mah tara meunang kancra, usaha ku modal leutik, hasilna ge moal gede.

Aya jalan komo meuntas, kabeneran aya lantaran, pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.

B

Banda tatalangraga, leuwih hade ngorbankeun banda, batan cilaka awak.

Banda sasampiran (sasampeuran), nyawa (umur) gagaduhan, boh banda boh nyawa, Pangeran nu kagungan.

Batok bulu eusi madugoreng rupa atawa euweuh tagog, tapi pinter jeung bageur.

Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, kajeun hirup ripuh, asal tetep teu pajauh jeung anak incu.

Bentik curuk balas nunjuk, ngan bisa marentah atawa nitah wungkul, henteu prak digawe ku sorangan.

Bobot pangayon-timbang taraju, timbangan, kaadilan.

D

Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa, lantaran asal dibere wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).

E

Elmu ajug, tumerap ka jalma nu bisa mapatahan kahadean ka batur, tapi menehna sorangan teu ngajalankeun papatahna.

G

Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, tapi hate jelema najan deet teu kakobet, nganyahokeun kahayang atawa eusi hate jelema nu dirasiahkeun kacida hesena.

H

Halodo sataun lantis ku hujan sakali, kahadean nu geus aya jamanna bisa leungit (punah) ku kagorengan sakali.

Hantang hantung hantigong hantriweli, kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana (jalma).

I

Indung lembu bapak banteng, turunan gagah, beunghar, menak ti indung ti bapa.

J

Jogjog neureuy buah loa, mikahayang perkara nu teu layak.

Jojodog unggah ka salu, urut badega jadi patih goah atawa jadi juragan istri.

K

Ka luhur henteu sirungan, ka handap henteu akaran, dilarapkeun ka jelema nu teu jamuga.

M

Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna, unggal makhluk ku Allah geus dipaparin rupa-rupa parabot pikeun nyiar kahirupanana (rejekina).

Marebutkeun balung tanpa eusi, madukeun perkara nu teu taya hasilna.

Tidak ada komentar: