Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Senin, 12 Januari 2009

Urang Sunda Kamana Wae?

A

Ayak, ngayak, misahkeun nu badag ti nu lembut, upama keusik, tipung, huut, jeung saterusna; ayakan, sair parabot paranti ngala lauk jeung paranti ngayak: Ayakan mah tara meunang kancra (paribasa), usaha ku modal leutik, hasilna ge moal gede; ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang (babasan), nuduhkeun kaayaan nu henteu sawajarna, upama nu kahukum teh nu teu pira kasalahanana; pangayakan, 1. parabot paranti ngayak; 2. sesa ngayak: Ulah dipiceun pangayakan keusik teh, urang pake nyaeur nu becek.

D

Dingkul, bodag, ngaran wadah tina anyaman awi, wengkuna buleud bujurna juru opat.

H

Hawu, tungku maneuh, tempat mirun seuneu di dapur keur ngasakan kadaharan, naheur cai jeung saterusna.

K

Kecrik, heurap leutik, sarta kerep.

Kolecer, kai atawa awi ipis panjang nu di tengah-tengahna make as sarta bisa muih upama katebak angin, biasana dipasanag dina tihang awi nu luhur make bubuntut; kolecer kapal udara, kolecer tina logam anu dipuihkeun ku tanaga mesin (motor) pikeun ngagerakkeun kapal udara minangka kincil kapal cai; kokoleceran, 1. kolecer tina kertas; 2. ulin make kolecer (budak); jalan ngolecer, pertelon anu nyiku juruna, jalan lempeng palebah simpangan anu nyiku ka beulah kenca atawa ka beulah katuhu; bandingkeun jalan cagak, parapatan.

L

Layang, 1. ngalayang, hiber teu bari kikiplik; langlayangan, barang kaulinan barudak lalaki tina keretas ipis nu bisa ngapung ku tanaga angin, ditalian ku benang; 2. palayangan, tempat pamiceunan cai ti balong, ti situ jsb. 3. (Jawa) surat, tulisan, lalakon: Layang Ambia, lalakon atawa sajarah para nabi; Layang Seh, lalakon atawa sajarah Seh Abdulkodir Jaelani; 4. ngaran sabangsa lauk laut.


N

Neureus, naek, gabrul maju ka girang (lauk cai, biasana anu lembut, burayak atawa huripan, jeler, beunteur jsb.); paneureusan, panaekan, kamalir tempat naekkeun huripan atawa burayak ngumpul dina gambangan tempat ngumpul lauk-lauk.

U

Ulur, ngulur, 1. meresan kanteh (make undar); 2. ngocorkeun cai ngaliwatan kuluwung atawa pipah; 3. ngomberan langlayangan atawa useup (golong) nu disanggut ku lauk; harti injeuman ngulur-ngulur waktu, ngeser-ngeser waktu, ngarobah waktu dielat-elat.

S

Sereng, nyereng (langlayangan) rada dengdek; diserengkeun, disina dengdek sarta sina maju ka kenca atawa ka katuhu upama rek diadukeun.

Tidak ada komentar: