Selamat Datang di Situs Wajit Subang. Ayo Bersilaturahmi Dekatkan Rezeki!

Senin, 16 Agustus 2010

Puasa di Pasundan

B

Bedug, sabangsa dogdog gede di masigit anu sok ditakol unggal waktu salat; ngabedug, buburuh nepi ka wanci lohor; Jauh ka bedug (babasan), dusun; ngomong sabedug sakali (babasan), arang ngomong.

Burit, waktu dina rek beakna beurang, wanci sariak layung atawa wanci magrib; ngabuburit, ngalantung ngadagoan burit, biasana pasosore bulan Puasa, ari datang deui ka imah geus waktu buka; 2. buritan (Malayu) bagian tukang tina parahu, kapal, jsb.

C

Caruluk, buah kawung, geutah cangkangkna matak ateul, sikina (=cangkaleng) ngeunah didahar.

I

Imsak (Arab), saat tutupna waktu sahur, memeh manjing wanci subuh.

K

Kamangkaran, kamerekaan, seubeuh teuing dahar nepi ka nimbulkeun kasakit.

Kokoro, miskin pisan, kekere; kokoro nyenang, babasan nu kakara beunta (boga), make atawa ngalarapkeun barang lain dina perenahna; kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam, babasan kacida malaratna; kokoro manggih Mulud, puasa manggih lebaran, babasan kokomoan dina waktu aya rejeki.

Kolek, ngaran amis-amis tina cau, taleus, waluh gede jste, nu digodog make gula jeung cipati sakadar nepi ka hipu (asak).

Koprek, ngoprek, 1. daekan, sagala dipigawe; Moal nyapek mun teu ngoprek, babasan sareatna moal barangdahar (moal meunang rejeki) mun teu usaha; 2. bangor (budak), sagala dicabak, sagala dipake ulin.

L

Lebar, 1. matak handeueul lantaran teu kaarah gunana: Kacida lebarna ku sawah nu kacaahan, parena kakubur ku leutak; dilelebar, dimomorekeun, digagabahkeun, teu diarah gunana: Jeung dilelebar kitu mah kadaharan teh, mending dibikeun ka nu miskin; 2. lubar, bebas: Lebaran Puasa, Lebaran Rayagung, lubar tina puasa bulan Ramadhan jeung bulan Rayagung (nu munggah haji dina Lebaran Rayagung lubar tina ihram).

N

Ngopek, ngoprek, ilikan koprek: Mun teu ngopek, moal nyapek, paribasa, sarua jeung: Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu daek usaha, moal boga dahareun (rejeki).

P

Puasa (Sanskrit), lemesna saum, ngahaja (sarta make niat heula) nunda dahar leueut ti waktu pajar nepi ka magrib jeung nahan rupa-rupa perkara anu matak ngabatalkeunana; bulan Puasa, lemesna sasih Siam, bulan Ramdan atawa Ramdon, bulan ka-9 taun Hijrah; puasa wajib, puasa salila bulan Ramdan; Puasa manggih Lebaran, kecap-kecapan kokoro manggih Mulud, ilikan kokoro.

S

Sahur atawa saur, dahar janari (memeh manjing salat subuh) lantaran rek puasa, hususna salila bulan Puasa.

Pangandaran, Batu Hiu, Batu Karas